Selasa, 11 Juni 2013

KACAMATAN KAWALI



KACAMATAN KAWALI
D
i Indonesia boga 33 Provinsi , contona wae Provinsi Jawa Barat . Provinsi ieu beunghar ku peupeulakan nu asri tur endah . Peupeulakan eta ayana di Daerah – daerah anu masyarakatna loba patani nu masih migawe palawija jeung sajabina . Contona wae di Kabupaten Ciamis . Di Ciamis daerah anu aya kitu teh nyaeta di Kacamatan Kawali anu caket situs Karuhun Sunda Galuh nyaeta “Astana Gede Kawali” .
Di Kawali  baheula namah janten lumbung pare di Kabupaten Ciamis , dina Pimpinan (Alm) Pa H.Kardja Pradja nu gaduh usaha mobil nyaeta nami perusahaana “Andalas” . Anjeunna bijak tur cerdas ngolah bakat masyarakatna . Tapi kusabab dunia terus muter jeung ngolotan , anjeunna oge tambih sepuh  sareng capeeun ngurus ieu Kawali , janten tidinya Kawali digentos Pupuhu na .
Tiharita , Kawali nurun kulaitas tina Palawija jeung Pare na . Kusabab  ayeunamah jaman na modern, alat-alat kanggo patani na oge kalah ngarusak taneuh , sanajajn waktu jeung tanaga anu digunakeun saeutik jeung sakedeng . Contona wae baheula mah ku pacul ari ngagemburkeun sawah teh , tapi ayeuna mah loba patani anu ngagunakeun traktor tibatan pacul, kumargi nya eta tadi .
Taun 2009-2013 , dina Pimpinan Camat ayeuna (nami na mah ulah di sebutkeun) , Kawali angger wae asa teu aya rubahna . Contona wae Astana Gede Kawali anu tilas Tempat Pusat Karajaan Sunda Galuh  kalah beuki saeutikan teu aya pangunjungna , kudu namah diusahakeun jadi sumber devisa Kacamatan Kawali . Kumargi didinya mah seer paninggalan – paninggalan sajarah anu teu ka nilai harga na .
Tapi sanajan kitu oge , alhamdulilah di Kacamatan Kawali ayeunamah pamuda – pamuda na ngahasilkeun karya- karya komersial . Contona nyaeta odong-odong jeung beca tina listrik dijadikeun alat transportasi jeung kaulinan sapopoe budak leutik , nu awal bahan na tina motor butut (bebek) . Kumargi kitu unggal malam Minggu jeung Poe keur libur Sakola ,di Alun-Alun Kawali mah kawas di Taman Rafflessia Ciamis ,rame ku nu caang-caang jeung kaulinan .
Nu ngabungahkeun mah nyaeta kamari Rebo tanggal 8 Mei 2013 , nu diayakeun lomba Sastra Bahasa jeung Budaya tingkat Kabupaten nu tempat na di SMPN 6 CIAMIS . Nu alhamdulilah , pamilon ti Kawali sadaya janten Pinunjul juara , nu ngamastikeun ngawakilah Ciamis Ka tingkat Provinsi ( Bandung) .
Intinamah , Kabupaten Ciamis bungah jeung untung  boga Kacamatan Kawali nu lembur asli na Kang Dede Yusuf (Wakil Gubernur 2008-2013) jeung lembur nu mawa prestasi tur lumbung peupeulakan sareng lingkungan endah tur asri jeung nyaman .


Nuhun sateuacaana, hapunten bilih aya cariosan anu kurang merenah J ,
Assalamu’alaikum Wr.Wb.  

                                                                                                      by : Arif Dipradja

Tidak ada komentar:

Posting Komentar